Jumat, April 11, 2008

Dangdanggula Bibilasan


Saena mah ulah tepang deui
mending pegat sae pepegatan
urang pungkaskeun lalakon
atawa lunta jauh
sina anggang sina patebih
sugan salawasna
teu deui patepung
balikanan sasarengan
tangtos tambih nyisit nyeuit kana ati
rempan nyorang mamala

Saena mah tong miasih deui
najan sesah tangtos bakal sesah
da geuning midangdam bae
atawa urang tundung
urang pupus mangka sing leungit
sina palid ku mangsa
ngalun muru jauh
sanes maksad bibilasan
sok sanaos deudeuh teh bet kalah tambih
hanjakal duh hanjakal

Saena mah tong mikangen deui
urang nyorang jalan sewang-sewang
engkang ngidul abdi ngaler
nyusud galur kapungkur
nyungsi asih kaluli-luli
mulang muru panutan
keur geusan sumujud
hanas enya asih urang
langgeng manteng sanaos henteu ngajadi
satia ngalanglangan

Seana mah ulah tepang deui
mending pukah leres mending pukah
nampi galur ti Yang Manon
sanaos anteng murung
ruhay ngempray kembang birahi
tawis kapanasaran
teu reureuh migandrung
katresna nu teu laksana
urang ceungceum dina rusiah sajati
wungkul urang nu terang.

mangle no.2009

Miki Khulwatun, deudeuh teh bet kalah tambih...!

0 Komentar:

Posting Komentar

Berlangganan Posting Komentar [Atom]

<< Beranda