Kamis, April 10, 2008

Di Wates Lalakon

Di Wates Lalakon

Mun seug panceg aya di wates lalakon
babalik pikir taya guna
lir lalambaran daun garing
laun-laun geus pasti ligar
nunggu lastari kasapu bayu

Mangsa gumuruh jajantung lir sagara
langit ceudeum girimis tiis
hawar-hawar tembang maskumambang
ngaharewoskeun kalimah suci
jadi panganteur ka wates lalakon
dihin pinasti anyar pinanggih
detik geus cunduk pipisahan pasti !

Wilujeng kantun...
mugi di lancarkeun lampah pamungkas
sok sanajan beurat
sabab potret-potret rumeuk
geus jadi papaes lampah nu kaliwat
nepi ka dieu taya guna puja jeung puji.

mangle no.1982

0 Komentar:

Posting Komentar

Berlangganan Posting Komentar [Atom]

<< Beranda