Jumat, April 11, 2008

Asih Maranti

Asih Maranti

Dina jempling peuting nyawang linduhna bulan
Atra dina caangna aya kalangkang melang
Neuteup baranangna bentang kiceupna teuing ku seukeut
Nyeredet hate kapaut salira

Ngalamun niiran bentang keur pecut amarasuri
Bongana ieu hate teu bae paler cumantel
Keukeuh mayengkeun katineung manteng
Kumalangkang dina mega ngagupay pinuh kamelang

Imut mawur nyimbutan galura rasa teu daya
Dina gendingna karisi peurih nyaliksikan diri
Masih karaos gentrana harewos, gunting pameulahan jambe
Ulah salempang, cinta teu kedah ngamilik diri

Margi cinta ngancikna weningna ati
Tuh tingali linduh bulan, ngahibaran cinta urang
Baranangna bentang nu ngawangun lucu
Lir pecut amarasuri nyungsi asih nu maranti.

mangle no.2135

0 Komentar:

Posting Komentar

Berlangganan Posting Komentar [Atom]

<< Beranda