Kamis, April 10, 2008

Asih Sajati

Asih Sajati

Lalambaran mangsa lalumpatan nyingkahan diri
beureum hideungna warna geus jadi papaes layar
nu kamari masih nyacas tan warna

Kembang-kembang nu marahmay
kiwari teuing kamana
sakabeh ilang tan beja
ukur ninggalkeun seungit

Tapi kuring masih ngancik satia
di taman eurih nu peurih
nyumputkeun tembang ati nu saestu

Mun seug isukan anjeun imut metik malati
ieu rasa hamo ngabangkieung
sabab asih sajati lain hayang ngajadi.

0 Komentar:

Posting Komentar

Berlangganan Posting Komentar [Atom]

<< Beranda