Kamis, April 10, 2008

Talaga

Talaga

Lambak parat ti basisir kana dada
nyeblokan galecok rasa
meper katereg nu meumeujeuhna rohaka

Peuting laas ku purnama
paguneman ukur teuteup nu ceuleuyeu
ringkang bulan dina tengahing buleudan mata
carapetang milang asih jeung katresna

Neng, ucutan eta raksukan
urang cuang sitaranjang
tuluy ngojay meuntasan talaga dunya.

mangle no.2141

0 Komentar:

Posting Komentar

Berlangganan Posting Komentar [Atom]

<< Beranda