Kamis, November 20, 2008

Cahya Nu Puyar

Duh, ieu dada kula kentob dimomotan
kateu daya. Bet naha ieu rasa cangcaya
kana kateuneung diri nu cenah ludeung ?

Sab eta karumasan euntreupna teu
kapaluruh. Dina wayah mana inyana
datang. Dina wanci mana inyana miang

Lir angin nu ngahiliwir
Lir angin nu ngabula-bali
Reureundeuhan dina romantisme kateuwalayaan

Duh, naha sanggup diri mapakan
kamampuh langit. Geuning leuwi batin
caina ngoletrak - saat

Sedeng nu leb-leban dina ati seja murakeun
caahna. Sina ngaleled mangpirang nyata
nu nangtang nyatang ngahalang

Naha sanggup ieu kula nyandingan bagja nu tringtim ?
Kapan kalaip diri ngahijab
cahya gumilang Salira

:Caangna sakujuring najan sapuyaran!***

0 Komentar:

Posting Komentar

Berlangganan Posting Komentar [Atom]

<< Beranda