Kamis, November 20, 2008

Kalangkang

Mun pareng
Tembragkeun dedegan salira
Nu nyuuh na lahunan patapan

Taya beja nu seja ngaguligah na carita
Ebreh na jeroning kalbu
Mungguhing geus kalangsu

Apanan salira nembongan liwat kalangkang
Taya dedegan ebreh na tatapan
Pulas carulang tan kasawang

Geuningan dugi nyerelekna sanekala
Taya beja nu kamari ngumbara

Salira taya lian
Saukur kalangkang
Nu kumalayang na implengan

(tawis katineung dedegan taya rupa)

0 Komentar:

Posting Komentar

Berlangganan Posting Komentar [Atom]

<< Beranda