Kamis, November 20, 2008

Nalikung

Beh wetan nu nyesa ngan saukur sagara cikawening
Meunang mendung tadi peuting
Maturan kamelang nu peteng

Aeh cik keneh guligah disumputkeun
Nyalindung di lebah hate nu ditalikung
Ku regang-regang pangpung

Boa isuk geto
Beh wetan ebreh pulas katumbiri
Ngancik jujutan hate nu meh teu kapalire



0 Komentar:

Posting Komentar

Berlangganan Posting Komentar [Atom]

<< Beranda